25 January 2009

Doa keur kakasih

Gusti nu Maha asih, hatur nuhun Anjeun tos nyiptakeun manehna lajeng Anjeun panggihkeun ka abdi.
Hatur nuhun kamari nu kacida endah marengan kami.
Hatur nuhun kana sagala pamendak nu karandapan tur kalangkungan ku kami.
Hatur nuhun kana sagala nu parantos.

Abdi seja sujud payuneun Anjeun.
Sucikeun hate abdi, Nun nu Gaduh Sagala Suci, supados tiasa ngalaksanakeun kahoyong tur rencana Anjeun dina hirup abdi.
Nun Gusti.., upami abdi sanes sarangka iga-na, ulah antepkeun abdi sono ka jirimna.
Ulah ingkeun abdi muragkeun ieu hate di hatena.
Ipiskeun balebatna tina juru panon abdi jeung singkahkeun manehna tina jero hate abdi.
Gentos.., sono tur cinta nu ngageugeuh na ieu dada ku deudeuh ti Anjeun jeung keur Anjeun nu tulus tur murni.
Tulungan abdi supaya tiasa deudeuh ka manehna salaku umat sawajarna.
Mung saupami Anjeun nyiptakeun manehna kanggo abdi, Nun.. nu Maha Nyiptakeun.
Bantosan hijikeun kami.
Bantosan abdi keur mikacinta, ngarti tur narima manehna sagemblengna.
Pasihan abdi kasabaran, katekunan oge keyeng kanggo nenangkeun manehna.
Anginan manehna supados mikacinta, ngarti tur narima abdi kana sagala leuwih jeung kurangna abdi salaku jieunan Anjeun.
Yakinkeun manehna yen abdi nyaan mikacinta tur rela ngabagi pait-amis abdi ka manehna.

Nun Gusti nu Maha Asih, mugia nguping doa abdi.
Leupaskeun abdi tina sagala ragu numutkeun asih sareng qadar Anjeun.
Anjeun nu Maha Moal Leungit, abdi yakin Anjeun salawasna masihan nu pang saena keur abdi.
Kuciwa, bangga, ceurik, pon kitu waas nu aya hamo bisa di pungpang. Kanyeri, ragu, kabungah, oge hariwang nu karandapan tangtos aya hikmahna.
Padungdeng ieu ngajarkeun abdi supados langkung nyaketan Anjeun, supados langkung jentre kana sora Anejun nu bakal nunjukeun abdi newak caang Anjeun.
Ajarkeun abdi satia tur sabar ngantosan waktos nu tos Anjeun tangtoskeun.
Sing janten kahoyong Anjeun, sanes kahoyong abdi dina sagala bagean hirup abdi, Gusti.

Amin...yaa rabbal ‘alamiin..

(tulisan ini di posting juga di www.umedism.multiply.com)


No comments: